Basa Inggris
Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. Barudak awéwEmah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.Unggal BadEréngsEpalajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna. PoEkahiji.
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.
“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, ibu ngancem
“Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !”, ibu guru Lia naros.
“Bring – brought – brought, hartosna nyandak”
“Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baE!”, si Yogi katelah tukang heureuy.
“Dag – dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.
“Nangtung dihareup ! Dadan ! “
“Brang – bréng – brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas”
“Nangtung dihareup ! Dikdik ! “
“Begang – begéng – begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih “
“Nangtung dihareup ! Yusuf ! “
“Dar – dér – dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina”
“Nangtung dihareup ! Mahmud ! “
“Pak – pik – pek, hartosna abdi bébérés di bumi “
“Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Endang !”
>”Blag – blig – blug, hartosna si Atun diajar leumpang “
“Nangtung dihareup ! Nandang ! “
“Brak – brik – brek, hartosna awut-awutan “
“Nangtung dihareup ! Naddy ! “
“Plak – plék – plok, hartosna bararahE”
“Masingna asEréhEatuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! “
“Cas – cis – cus , hartosna nyarioskeun batur “
“Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! “
Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. téh hitut !
“Brat – brét – brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan :
” Kaluar kabéh ! “, ibu Lia bendu